My New Kickers
Attention: The following post is written in Basa Sunda. Sorry for the inconvenience.
Gara-gara Kickers urang dipaling ku bangsat pas nginep di LSS, kapaksa we kudu meuli deui sapatu. Ngan hiji-hijina sapatu teh euy! Make dipaling sagala!
Ti saprak kaleungitan sapatu nepi ka meunang deui nu anyar, sigana mah geus mangpuluh-puluh (rada hiperbola) toko nu geus didatangan, tapi angger teu manggih nu cocog. Sori, urang mah rada perpeksionis jelemana. Mun manggihan kakurangan teh mendingan dibolaykeun daripada kuciwa.
Kabeneran kamari teh ningali obralan Kickers di Metro BSM, kuralang-kuriling sakeudeung, tungtungna manggihan dua model nu dipikabogoh. Hiji nu hideung ieu, hiji deui warna coklat make tali. Sabenerna mah leuwih bogoh ka nu warna coklat, ngan barangna teh ngan hiji-hijina, nu dipajang. Sabenerna mah teu masalah, da pas dicobaan teh pas pisan dina suku. Genah merenah pisan makena. Ngan pas dipenta pasanganna (nu kenca), warna sapatu nu dipajang (nu katuhu) teh geus teu sarua jeung nu kenca! Jigana mah bakating ku lila dipajang, jadi we bulukan! Dasar barang obralan!
Kusabab geus sakaw hayang meuli sapatu, nya geus we lah nu hideung nu dibungkus. Sok sanajan lain nu pangdipikahayangna, da ari geus dibeuli mah pasti disayang-sayang, kakebulan saeutik ge langsung dielap. Ner teu?
NB: Hampura dulur, lain rek agul ku payung butut majang poto sapatuna teh, ngarah leuwih menarik we postinganna

masih aja bangsat sapatu hehehhheeeh
engke deui lebetkeun sapatuna kanu kantong